TANAH SUNDA



tengah peuting jemplang jempling hariring gelikna suling matak kelar malak waas tanah sunda anu endah


bulan anu ngagentraan hayang bareng lalayaran bentangna anu ngiceupan hayang anteng dibaturan


gunung anu luhur ngalanglang sawah anu hejo lembok tatangkalan anu ngemploh hejo nambahan endah tanah sunda * **


Yuliati SMPN XIX Bandung 

Mangle Alit No.345 

28 Juli 1988

Asuhan :Ki umbara, Min resmana, Tetty suhari

Komentar